SADJARAH SOEKAPOERA, PARAKANMOENTJANG

Sareng GADJAH

Bubuka carios bade nyarioskeun sajarah Soekapoera sareng Parakanmoencang
BAB I
Sajarah Soekapura
Rundayan ti Majapahit disambung koe sajarah Parakanmoencang
Awit Praboe Brawidjaja Radja Madjapahit I puputra Rd. Ikoeng gelaran Praboe Brawidjaja Madjapahit II, puputra Rd. Brang Tandjoeng gelaran Praboe Brawidjaja Madjapahit III, puputra Praboe Brawidjaja Majapahit IV.
Waktu eta Kerajaan geus pecah  sarta geus asup agama Islam puputra Rd. Bandan Kadjawan turunan ka V, anu puputra Rd.  Amiseni turunan ka VI puputra Lemboe Amiloehoer turunan ka VII puputra Kiyai Ageng Getaspendawa turunan ka VIII puputra Kiyai Ageng Sesela turunan ka IX, puputra Kiyai Ageng Enis turunan ka X, puputra Kiyai Ageng Pamanahan alias Kiayi Ageng Mataram turunan ka XI, puputra Panembahan Senapati Hingalaga Abdoerachman Sajidin Panatagama Soeltan Mataram turunan ka XII, puputra Soeltan Seda Karapjak Soeltan Nagri Mataram turunan ka XIII, puputra Soenan Kawasa Djoedjoeloek Soenan Adi Soeltan Mataram ka XIV, puputra Pangeran Koesoemah Diningrat nu ngali ka Tanah Pasundan nganggo jenengan Toewan Sjach Dagodjawa turunan ka XV, puputra Sareupeun Tjiboeni Adoeng turunan ka XVI, puputra Kangdjeng Dalem Wiraha, nya anjeuna anu garwaan ka Nji Poenjai Agung putri Dalem Santawaan nu kagoengan Nagara Soekakerta ka I turunan ti Padjadjaran nu geus kasebut di luhur tadi turunan ka XVII, puputra Kangdjeng Dalem Wirawangsa turunan ka XVIII. Nya anjeuna nu geus nulung sarta geus nangkep Dipati Oekoer ponggawa gede di Bandung, sabab geus ngamusuh ka Kandjeng Sinoehoen. Ku jalaran eta dikurnia ganjaran tambah tanah-tanah, bawahan sarta ra’yat-ra’yatna kabeh dikeunakeun jadi jajahan Soekapura sarta didawuh ngadamel Dajeuh katut karatonna jadi dayeuh Kaboepaten diwuwuh ku  Kandjeng Soenan ngaran nagari Soekapoera.
Ti saparantos Kandjeng Dalem Wirawangsa nulung perang tea, ku Kandjeng Soeltan geus kamanah yen eta nagara bener turun tumurun warisan ti Padjadjaran, ku lantaran eta dingaranan Nagri Soekapoera. Harita Kandjeng Dalem Wirawangsa dijungjung jumeneng Boepati, gelaran Kandjeng Rd. Tumenggoeng Wiradadaha Soekapoera. Tanah merdika sarta ieu Boepati Tumurun ka putu ti Soehoenan oge. Jadi etangan sakur anu jadi Boepati ti wangkid Kandjeng Wirawangsa nu jadi Boepati ka II puputra Kandjeng Tambela gelaran Kangdjeng Toemenggoeng Wiradadaha III, puputra Kangdjeng Dalem Anggadipa Toemenggoeng Wiradadaha ka IV nunggul pinang, digentos ku Kangdjeng Dalem Soebamanggala Kangdjeng Toemenggoeng Wiradadaha ka V, puputra Kangdjeng Dalem Satjapati Kangjeng Dalem Toemenggoeng WiraDADAHA VI, puputra Kangdjeng Dalem Djajanggadiredja Kangdjeng Dalem Toemenggoeng Wiradadaha VII, puputra Kangdjeng Dalem Djajamanggala Kangdjeng Dalem Wiradadaha ke VIII dina waktos kenging gelaran Adipati jenengan digentos ngalap jenegan eyangnati ibu Rd. Adipati Wiratanoebaja, puputra Kangjeng Dalem  Anggadipa Adipati Wiradadaha IX, puputra Kangdjeng Dalem Danoeningrat Kangdjeng Dalem Adipati Wiradadaha ka X, puputra Kangdjeng Dalem Wiratanoewangsa Kangdjeng Dalem Adipati Wiradadaha XI, digentos kusaderek Kangdjeng Dalem Adipati Wiraadiningrat ka XII, digentos ku putra Kangdjeng Dalem Toemenggung Aria Prawiraadiningrat ka XIII, puputra Kangdjeng Adipati Wiratanoeningrat ka XIV.

 ————o0o———–
Katerangan  Rd. Joedawikarta :
Ieu pioenjoek  pribados nalika  pakempelan P.K.S. di Kebon Kapas, ping 30 Juli 1933, kalajan diloeoehan koe Padoeka Kangdjeng Dalem Adipati Wiratanoeningrat Boepati Tasikmalaja.
Hatoer noehoen ka sadaja para wargi anoe ngaraos aja toeroenan ti para pangagoeng Kangdjeng Dalem Soekapoera sareng Parakanmoencang sarehna parantos kaemoet koe pribados sok aja paripaos poekeun obor, hartosna eta paripaos teh, njaeta djalaran kirang oeninga dina papajanana toeroenan-toroenan. Koemargi eta oepami kagalih ijeu pribados gadoeh tjatetan asal oesoel para pangagoeng Soekapoera sareng Parakanmoencang, sareng oepami bae sabagijan wargi anoe teu atjan oeninga dina antawis toeroenan oepami dina waktos2 tepang sareng para wargi ladjeng ngadongeng njarioskeun toeroenan, ieu tjatetan kenging dianggo boeboeka tjarios, sanaos sadjarah Soekapoera sareng Parakanmoencang oge pokona mah moeng ijeu bae samalihna pribados teu tiasa netepkeun naha leres atanapi lepat, margi ijeu  tjatetan kenging tataros ti para sepuh2 bae.
Dina waktos kempelan P.K.S. ping 30 Juli 1933 di Kebon Kapas Tjitjalengka, ieu tjatetan ku pribados parantos dibatja/diaos di pajeoneun Padoeka Kangdjeng Dalem Adipati Wiratanoeningrat Boepati Tasikmalaja, saparantos dibatja ladjeng Kangdjeng Dalem ngadawoehan ka sadajana wargi anoe pada hadir dina kempelan, dawoehanana ijeu tjatetan oerang tjitak didamel boekoe alit bagikeun ka wargi2 dianggap saperti sadjarah, nanging bilih bae aja anoe lepat atanapi kirang loejoe dina iketananana tjarios atanapi sanes2na deui, moegi sadaja kersa ngawoewoeh atanapi ngarobah rehing pribados sanes toekang boedjangga (toekang ngarang) estoe moeng tomoet kana dawoehan pangagoeng bae.
Salam baktoes,
Poen
JOEDAWIKARTA

 ___________________________
Diteraskeun koe tjarios ngahatoerkeun noehoen ka para wargi sadaja wargi anoe sami saroemping kana ijeu kempelan. Sakoemaha anoe parantos  diaraos dina serat ondangan Rd. Kd.Wirabrata vice voorzitter ka wargi2 Parakanmoentjang jen dina sasih September 1933 sadja wargi kedah ngiring bingah kana pesta 300 taoen ngadegna Kaboepaten Soekapoera sareng njalametkeun rehna Kangdjeng Dalem Adipati Wiratanoeningrat djoemenengna Boepati ngawitan benoem kana Boepati sasih Agoestoes 1908 doegi ka sasih Agoestoes  1933 djedjeg 25 taoen, kalawan dilampirkeun seratna pasihan ti Kangdjeng Dalem, panjaoer ka sadaja wargi Parakanmoentjang sareng kaoenggel dina seratna soepados djadi pangemoet-ngemoet antawis ngantetna Parakanmoentjang ka Soekapoera.
Tangtos pisan sabagijan wargi Parakanmoentjang seueur nu teu atjan ningali koemaha ngantetna. Ajeuna koe pribados didadarkeun moeng pioendjoek pondok bae, dina antawisna ngantetna sarenga panoehoen ka sadajan moegi nawakoep margi tangtos seueur lepatna batan leresna kawoewoeh noe bade njariosna parantos rero, noe ditjarioskeun kawitna para loeloehoer Soekapoera sareng Parakanmoentjang noemoetkeun katerangan tina riwajat karoehoen.
Dina taoen 1877 waktoe eta pribados parantos aja emoetan anoe pantjeg hajang terang ka wargi roendajan ti para loeloehoer Kangdjeng Boepati Soekapoera sareng Parakanmoentjang, ladjeng pribados tataros ka sepoeh2 sareng ngoempoel2keun seseratan riwajat titilar karoehoen. Saparantosna kempel lajeng didamel rarantjang gambar diroendaj-roendaj, emoetan soepados gampil ditingalianana, saparantosna lengkep dina taoen 1923 ladjeng pribados barempag sareng Rd. Kd. Wirabrata manawi andjeuna kersa ngawoewoeh sakoemaha kaoenangana dina perkawis toeroenan2 terasna ladjeng barempag ka mana geusan njaloeoeh, ka Kangdjeng Boepati mana anoe pikersaeun nangtanjoengan sareng mikawelas ka achli2 Parakanmoentjang, kalajan pirempagna Rd. Kd. Wirabrata oerang madekan ka Kangdjeng Boepati Tasikmalaja bae, malah mandar Padoeka Kangdjeng aja galihna kersa nangtajoengan. Enggalna pribados sareng Rd. Kd. Wirabrata enggal madekan ka Kangdjeng Boepati Tasikmalaja kalajan njembahkeun pioenjoek anoe paos sareng teras ngoeningakeun rarantjang gambar toroenan tadi. Roepina kagalih oge, dawoehanana Kangdjeng Boepati oerang damel Vereeniging bae disebatna kempelan wargi Parakanmoencang anoe pondokna P.K.S. Doepi ngawitan ti nalika Kangdjeng Dalem Wirawangsa oge nalika djoemeneng oemboel Soekakerta parantos ngantet bae sasarengan sareng Kangdjeng Dalem Samahita nalika djoemeneng oemboel Sindangkasih kenging disebat saati ti mangsa pada kening noegraha ti Kangdjeng Soeltan Mataram djalaran nangkep  Dipati Oekoer Ponggawa Bandoeng anoe geus baha ka Soeltan Mataram, karenging ganjaran, nja pada didaramel Boepati, njaeta Kangdjeng Dalem Wirawangsa digentos djenengan Rd.Toemenggoeng Wiradadaha, diangkat Boepati Soekapoera, saur sepoeh hartosna :Soeka = asal, Poera = Karaton (nagara) margi baheulana mah ngaran Soekakerta. Doepi Kangdjeng Dalem Samahita diangkat Boepati Parakanmoentjang digentos  jenengan Rd.Tumenggung Wiratanoebaja I.
Ieu salina Piagem ti Soeltan Mataram ka Kangdjeng Dalem Wirawangsa diangkat djadi Boepati Soekapoera II kaoenggel tina paririmbon Kangdjeng Dalem Stadji Wiradadaha sareng Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja (Kangdjeng Dalem Danoeningrat).


S O E R A T   P I A G E M
Ingsoen Soeltan Mataram kagadoeh dening ki Wirawangsa kang setja maring isoen, soen djenengaken Mantri Agoeng Boepati hing Soekapoera, Wedana kali welas, desaan-desaan tigang atoes, ikoe kawerat dening ki Wedana, serta soen perdikaken satoerane lan isoen titipaken ngoelon ing Banten ngalor ing Tjirebon, adja ana kang ngaroebiroe, sakarepe sebab woes ngalakoni gawe tugas djanggane Dipati Oekoer Bandoeng serta sinaksenan pitoeng pandjengan.
Titi soerat piagem
Kang anjerat abdining
Ratoe
(Wg) NITISASTRO


Makam Kanjeng Dalem Wirawangsa / Tumenggung Wiradadaha (Dalem Wiradadaha)                                                                                                     dan Tumenggung Wiradadaha IV (Dalem Sawidak / Dalem Baganjing
Makam Kanjeng Dalem Wirawangsa / Tumenggung Wiradadaha I (Dalem Wiradadaha/Dalem Baganjing) dan Tumenggung Wiradadaha III (Dalem Sawidak )
BAB II
Katjarios Kandjeng Dalem Wirawangsa (Kdj. Dalem Wiradadaha) popoetra 28 :
1).Rd. Wangsadipoera,
2).Rd. Kartiasa,
3).Rd. Anggadipa,
4).Rd. Djajamanggala,
5).Rd. Anghoeloe Wangsa Koesoemah,
6).Njie Rd. Ajoe,
7).Rd. Pranadjaja,
8).Rd. Ardimanggala,
9).Rd. Tjandradipa,
10).Rd. Doekoeh,
11).Rd. Dipajasa,
12).Rd. Wiradana (Sembah Dalem Wirantaka Tjidjagra),
13).Njie Rd. Gendoer,
14).Njie Rd. Katipah,
15).Rd. Anggawangsa,
16).Njie Rd. Mandapa,
17).Njie Rd. Selang,
18).Njie Rd. Partati,
19).Njie Rd. Adjeng,
20).Rd. Poepadidjaja,
21).Rd. Darpamanggala,
22).Rd. Poespamanggala,
23).Rd. Kartadipa,
24).Rd. Wangsataroena,
25).Njie Rd. Djampang,
26).Njie Rd. Poerba,
27).Njie Rd. Sampan,
28).Njie Rd. Widoeri.
Wapat Kandjeng Dalem Wirawangsa digentos koe poetra ka 4 djenengan Rd. Djajamanggala nganggo djenengan Rd. Toemenggoeng Wiradadaha Bopati Soekapoera ka 3 : njaeta anoe sok disarebat Dalem Tambela, kagoengan poetra 8 :
1).Rd. Indramanggala,
2).Rd. Koesoemahnagara,
3).Njie Rd. Gandapoera,
4).Njie Rd. Apiah,
5).Rd. Koesoemahnagara,
6).Njie Rd. Legon,
7).Njie Rd. Djanglangas,
8).Rd. Madjadidikara.
Wapatna Dalem Tambela digentos koe saderek njaeta Rd. Anggadipa nganggo djenengan Rd. Toemenggoeng Wiradadaha 4 nu sok disebat Dalem Bagandjing, putrana 62 (anoe sok disarebat Dalem Sawidak) :
1).Rd.Joedanagara,
2).Rd.Soetamanggala (Dalem Pamidjahan,
3).Rd.Anggadipa (Dalem Abdoel),
4).Rd.Mandoera,
5).Njie Rd.Radji,
6).Rd.Soeriadinata,
7).Rd.Idranagara,
8).Rd.Wangsanagara,
9).Rd.Tjandra Koesoemah,
10).Rd.Indrataroena,
11).Njie Rd.Inpoen,
12).Njie Rd.Ibah,
13).Njie Rd.Rarap,
14).Rd.Ms.Bagoes,
15).Njie Rd.Poespa,
16).Njie Rd.Winadjeng,
17).Rd.Dita,
18).Rd.Djiwamanggala,
19).Njie Rd.Patradanta,
20).Njie Rd.Lengka (legan),
21).Rd.Ardi,
22).Njie Rd.Arsabaja,
23).Njie Rd.Soetra,
24).Rd.Tjandramanggala,
25).Njie Rd.betok,
26).Njie Rd.Ika,
27).Rd.Soemanagara,
28).Njie Rd.Adjeng Kraton (Adjeng Koesoemah),
29).Rd.Indrawidjaja,
30).Rd.Kartamanggala,
31).Njie Rd.Soebang,
32).Rd.Wiramanggala,
33).Njie Rd.Wiratsari,
34).Rd.Abdoel Moehamad Arif,
35).Rd.Wiranagara,
36).Rd.Tirtataparadja,
37).Rd.Martamanggala,
38).Njie Rd.Djaliah,
39).Rd.Singaparna,
40).Njie Rd.Poeranimbang,
41).Rd.Radjamanggala,
42).Rd.Djagasatroe,
43).Rd.Singadimanggala,
44).Rd.Daroes (Daroem),
45).Njie Rd.Dewi,
46).Njie Rd.Bima,
47).Rd.Soeriadimanggala,
48).Rd.Kartadinata,
49).Rd.Najapoespa,
50).Njie Rd.Kasimah,
51).Njie Rd.Bodang,
52).Rd.Wangsamanggala,
53).Rd.Indradinata,
54).Rd.Ardimanggala,
55).Rd.Tjandradinata,
56).Rd.Kartadipa,
57).Rd.Bagoes II,
58).Rd.Soerajoeda,
59).Rd.Djajamanggala,
60).Rd.Kartamanggala,
61).Rd.Palawatjana,
62).Rd.Gandaparadja.
Wapat Kandjeng Dalem Bagandjing (Dalem Sawidak) digentos koe poetrana Rd. Soebomanggala djoemeneng Boepati Soekapoera ka5 nganggo djenengan Kandjeng Dalem Wiradadaha (Dalem Pamidjahan) noenggoel pinang.
Wapat Kandjeng Dalem Pamidjahan digentos koe poetra saderek djenengannana Rd. Satjapati poetrana Dalem Abdoel (Rd. Anggadipa) djoemeneng Boepati ka 6 nganggo djenengan Kandjeng Dalem Toemenggoeng Wiradadaha, poetrana 10 :
1).Njie Rd.Gandalarang,
2).Rd. Djajenggadiredja,
3).Rd.Indaragara,
4).Rd.Wiradiredja,
5).Rd.Satjadikoesoemah,
6).Njie Rd.Winari,
7).Njie Rd.Nimbang,
8).Njie Rd.Djalaha,
9).Njie Rd.Landjong,
10).Njie Rd.Panimba.
Njarioskeun poetrana Dalem Abdoel (Rd. Anggadipa) poetrana aja 14, tapi Dalem Abdoel teu djumeneng Boepati : 1).Rd.Demang Satjapati,
2).Rd.Anggadiredja,
3).Rd.Anggaparadja,
4).Rd.Djiwagoena,
5).Njie Rd.Katjia,
6).Njie Rd.Bandoe,
7).Rd Soeradiredja (Regent Selong),
8).Rd.Anggadipe,
9).Njie Rd.Sedjak,
10).Njie Rd.Djandipoera,
11).Njie Rd.Soemadikarsa,
12).Njie Rd.Gimbon,
13).Rd.Soerianagara,
14).Rd.Wiradiredja.
Wapat Kandjeng Dalem Satjapati digentos koe poetrana noe djenengan Rd. Djajanggadiredja djoemeneng Boepati di Soekapoera ka 7, nganggo djenengan Dalem Toemanggoeng Wiradadaha anoe sok disebat Dalem Tjiwarak ngalap garwa (kagoengan garwa) Njie Rd. Ajoe Gandawisesa poetrana Kandjeng Dalem Wiratanoebadja ka 4 Boepati Parakanmoentjang noe makamna di Girilaja, popotra 3 :
1).Rd.Djajamanggala poetra ti Rd.Ajoe Gandawisesa,
2).Njie Rd.Kartawinagara poetra ti Sagelang Mangoenredja,
3).Njie Rd.Kartakoesoemah poetra ti Tjiwarak.
Wapat Kandjeng Dalem Tjiwarak digentos koe poetra djenengan Rd. Djajamanggala djumeneng Boepati di Soekapoera ka 8 nganggo djenengan Kandjeng Dalem Toemenggoeng Wiradadaha. Doepi nalika diangkat Adipati digentos djenengan Rd. Adipati Wiratanoebadja ngalap djenengan ejang ti iboe, nja ieu anoe kasebat Dalem Pasirtando, poetrana 37 :
1).Njie Rd.Pangoengnagara,
2).Njie Rd.Soemakaraton,
3).Njie Rd.Poerwakoesoemah,
4).Rd.Djajanggadiredja,
5).Rd.Djajanggadipa,
6).Rd.Bradjanagara,
7).Njai Siti Salimah,
8).Rd.Wangsajoeda,
9).Rd.Soerajoeda,
10).Njie Rd.Tedja,
11).Rd.Wiradimanggala,
12).Rd.Tanoewangsa,
13).Njie Rd.Arsanagara,
14).Njie Rd.Gandakoesoemah,
15).Rd.Tanoeredja,
16).Rd.Diparedja,
17).Njie Rd.Nimbang,
18).Njie Rd.Saridjem,
19).Rd.Moehamad Djapar,
20).Njie Rd.Gambah,
21).Njie Rd.Gandanagara,
22).Njie Rd.Kidjad,
23).Rd.Ardikoesoemah,
24).Njie Rd.Odon,
25).Rd.Wiranagara,
26).Njie Rd.Rijanagara,
27).Njie Rd.Arsadjaja,
28).Njie Rd.Basi,
29).Njie Rd.Ratnanimbang,
30).Rd.Pranawangwa,
31).Rd.Demang Nawaladiredja,
32).Njie Rd.Ratnainten,
33).Rd.Raksadiredja,
34).Rd.Bradjawigoena,
35).Njie Rd. Kabijah,
36).Rd.Soemajoeda,
37).Rd.Soeriadiredja.
Wapat Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja Pasirtando digentos koe poetra noe djenengan Rd. Demang Anggadipa djoemeneng Boepati ka 9 nganggo djenengan Kangdjeng Dalem Adipati Wiradadaha di angkat na gelaran Adipati waktoe Toewan Resident Holamberk, ijeu Kangdjeng Dalem ngalih Nagara ti Soekapoera ka tanah Galoeh lebah leuweung Tembong Goenoeng district Pasirpandjang di djenenganNagara Hardjawinangoen dina taoen 1832 kenging 4 taoen di Pasirpandjang, Kangdjeng Dalem wapat disarebat Dalem sepoeh poetrana 14 :
1).Rd.Djajanggadiredja,
2).Mandoeraredja,
3).Njie Rd.Mantri Gandawisesa,
4).Rd.Djajamanggala,
5).Rd.Tanoekoesoemah,
6).Rd.Wangsadiredja,
7).Rd.Soeranagara,
8).Rd.Anggadipa,
9).Njie Rd.Siti Djenab,
10).Njie Rd.Arsamirah,
11).Njie Rd.Landasari,
12).Njie Rd.Poerwa,
13).Njie Rd.Siti Mantri,
14).Njie Rd.Koesoemah.
Wapat Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja (Dalem Sepoeh) digentos ku raji djenengan Rd.Tanoewangsa djoemeneng Boepati Soekapoera ka 10 nganggo djenengan Kandjeng Dalem diangkat Boepati, nagara di gentos ngaran Manondjaja, poetrana 13 :
1).Rd.Rg.Wiradimanggala,
2).Rd.Wiradiredja,
3).Rd.Tanoewangsa,
4).Njai Rd.Jogjaningroem,
5).Njie Rd.Ratnanagara,
6). Njie Rd.Radjakoesoemah,
7).Rd.Demang Danoekoesoemah,
8).Rd.Pranawangsa,
9).Njie Rd.Sariningrat,
10).Njie Rd.Arsanagara,
11).Rd.Bradjadigoena,
12).Njie Rd.Moernaningroem,
13).Rd.Soebijakoesoemah.
Wapat Kandjeng Dalem Wiratanoewangsa digentos koe poetra djenengan Rd.Wiradimanggala diangkat Boepati Soekapoera ka 11 nganggo djenengan Dalem Toemenggoeng Wiratanoebaja dina taoen 1855 doegi ka taoen 1865 gentos djenengan Kangdjeng Dalem Adipati Wiradadaha, demi dina taoen 1875 liren tina padamelan (pansioen) linggihna di Bogor, katelah Dalem Dipati Bogor moelih deui ka Manondjaja doegi ka wapatna, poetrana 38 :
1).Rd.Danoeningrat,
2).Njie Rd.Patimah,
3).Njie Rd.Ajoe Saribanon,
4).Njie Rd.Waktoera,
5).Njie Rd.Anhar,
6).Njie Rd.Ajoe Poermaningrat,
7).Rd.Alibasah,
8).Rd.Kosasih
9).Njie Rd.Timoer
10).Wiratanoewangsa
11).Rd.Asikin,
12).Rd.Tasik,
13).Rd.Badar,
14).Njie Rd.Radja,
15).Njie Rd.Oerpiah,
16).Njie Rd.Mintarsah,
17).Njie Rd.Mintarsih,
18).Rd.Adjrak,
19).Njie Rd.Soekairah,
20).Njie Rd.Oerpiah,
21).Rd.Pandji,
22).Rd.Soedjana,
23).Njie Rd.Soekainah,
24).Njie Rd.Soekaesih,
25).Njie Rd.Soekaeni,
26).Rd.Basari Kartanagara,
27).Rd.Widjanggana,
28).Njie Rd.Timoer,
29).Rd.Wijadi (Soemitra),
30).Rd.Karnadi,
31).Njie Rd.Resna,
32).Rd.Prawira Ermaja,
33).Rd.Hardis Wiratmadja,
34).Rd.Rio,
35).Rd.Panres Wiradikoesoemah,
36).Njie Rd.Bentang,
37).Njie Rd.Oenang Poernama,
38).Njie Rd.Wiarsih.
Liren Kangdjeng Dalem Bogor digentos koe raina djenengan Rd.Demang Danoekoesoemah djenengan Boepati di Soekapoera ka 13 nganggo djenengan Kangdjeng Dalem Toemenggoeng Wirahadiningrat, doepi dina taoen 1889 tgl. 20 Agustus, kenging gelaran Adipati waktos Toewan Resident Hitjing taoen 1893 kenging Madali emas taoen 1881 kenging pajeng koening taoen 1900 kenging O.O.N.O taoen 1901 wapat, poetrana 16 :
1).Rd.Soekaamidjaja,
2).Njie Rd.Loembana,
3).Njie Rd.Lasmini (Tedja),
4).Rd.Mintragna,
5).Njie Rd.Toemarsih,
6).Njie Rd.Roekansih,
7).Njie Rd.Toersini,
8).Njie Rd.Soengkawati,
9).Njie Rd.Minarsih,
11).Njie Rd.Amarsah,
12).Njie Rd.Oeminah,
13).Rd.Bei Soewarna,
14).Rd.Ms.Wisada,
15).Njie Rd.Atmah,
16).Njie Rd.Amiarsih.
Wapat Kandjeng Dalem Bintang digentos koe saderek poetra Kandjeng Dalem Bogor djenengan Rd. Wiratanoewangsa djoemeneng Boepati Soekapoera ka 14 nganggo djenengan Kangdjeng Dalem Prawiraadiningrat noe sok disebat Kangdjeng Dalem Arija, dina taoen 1902 ngalih ka Bopaten kaTasikmalaja, dina taoen 1907 wapat di Tjiandjoer, poetrana 7 :
1).Aom Saleh (Kandjeng Dalem Tasikmalaja ajeuna),
2).Njie Rd.Hadidjah,
3).Rd.Rijo,
4).Rd,Tjoejoe,
5).Rd.Dikdik,
6).Rd.Ponpon,
7).Rd.Daroesalam.
Wapat Kangdjeng Dalem Arija digentos koe poetra No.1 djenengan Aom Saleh Wiratanoenigrat djoemeneng Boepati Soekapoera ka 15 tetep linggihna di Tasikmalaja bae, djenengan teu digentos, dina taoen 1920 kenging gelaran Adipati dina taoen 1922 kenging Bintang R.O.O.N.,poetrana 17 :
1).Njie Rd.Ajoe Roekijah (Retapoetra),
2).Njie Rd.Tarijah,
3).Rd. Djaelani,
4).Njie Rd.Soehaemi,
5).Njie Rd.Patimah Koeraesin,
6).Rd.Achmad Moehamad Karmaen,
7).Rd.Moehamad Ali,
8).Rd.Moehamad Patah,
9).Rd.Achmad Hasan Rachmat,
10).Rd.Moehamad Hoesen Rachmat,
11).Njie Rd.Siti Rahmah,
12).Njie Rd.Djoebaedah,
13).Njie Rd.Koermasih,
14).Rd.Abdoelkadir,
15).Rd.Moehjidin,
16).Njie Rd.Dewi Sarkijah,
17).Rd.Abdoellah.


Bupati XIV Sukapura 1913 (1908-1937) Rd Tumenggung Wiratanuningrat


Panjelang tjarios anoe manawi palapoetra Kangdjeng Dalem Soekapoera disebat djenengannana sadajana margi sok seueur pisan tjariosan noe kakoeping koe pribados nganaha – naha basana : Naha ari Kangdjeng Dalem Tasikmalaja seueur teuing wargina : Ka ditoe ka dieu teh ngan wargi bae, komo oepami oerang hajang asoep kana rengrengan menak badami bae ka Rd. Joedawikarta di Kebon Kapas di dinja mah sakali oge djadi asoep kana golongan menak, asal dieusian pesakna bae keur meuli bako. Eta tjariosan kakoeping koe pribados anoe teu kinten tampi raosna, margi kalintang soelaja sareng buktina margi noe parantos kadjalanan oepami aja wargi noe bade lebet Lid P.K.S atanapi K.W.S. nembeannana diparios heula verklaringna, 2 saksi noe naggoeng soempah sareng ditanda koe Loerahna, nerangkeun jen eta wargi bade lebet Lid teh jaktos toeroenan ti Kangdjeng Dalem Soekapoera atanapi Parakanmoentjang, oepami parantos lengkap sareng terang verklaringna ti saksi – saksi nerangkeun eta anoe njoehoenkeun djadi Lid tea parantos tiasa disarebat Raden atanapi Mas, saparantosna ladjeng disanggakeun ka noe djadi Vice voorzitter teras didamel stamboekna teras disanggakeun ka Padoeka Kangdjeng Dalem Tasikmalaja, sawangsoelna sanaos Padoeka Kangdjeng Dalem Tasikmalaja oge henteu enggal – enggal nawis dina eta stamboek oepami henteu ningali verklaring – verklaring noe diterangkeun koe saksi – saksi jen eta wargi noe bade lebet lid tea jaktos toeroenan Boepati Soekapoera atanapi Parakanmoentjang.
Sareng emoetan pribados jaktos Kangdjeng Dalem Tasikmalaja seueur wargina, geura mangga maranahan koe sadaja nembe diserat para poetrana Kangdjeng Boepati bae parantos sakitoe seueurna wargina, komo upami doegi ka para poetoe boejoetna para Boepati – Boepati Soekapoera, Parakanmoentjang sakoemaha piseueureunnana sareng emoetan pribados, oepami Djoemenengna Boepati tedak toemedak ka poetra potoena sareng djasana, adilna, sapertos Padoeka Kangdjeng Dalem Adipati Wiratanoeningrat kenging djadi sa Provincie Djawa koeloen kaeusian koe toeroenan Soekapoera sareng Parakanmoentjang kawoewoeh Kangdjeng Dalem migarwa ka Raden Ajoe Radja Pamerat anoe kagoengan terah Tjiandjoer, Bandoeng, Soemedang, Garoet, sakoemaha nambihan seueurna wargi – wargi diwoewoeh koe kagoengan mantoe ka toeroenan Boepati Serang (Banten) pad Kangdjeng Boepati Djajadiningrat.


Bupati Priangan dengan Istri tahun1913
Bupati Priangan dengan Istri tahun1913
BAB III
Sadjarah Parakanmoentjang
Njarioskeun sadjarah Parakanmoentjang moeng henteu sapertos sadjarah Soekapoera, margi henteu merele noe ngagento – gentosna Boepati, roepina teu aja noe ngoeroes, pala poetra Kangdjeng Boepati. Boepatina oge henteu di serat sadajana moeng di serat mana noe perloena bae, malah dina rombakna Kaboepaten Parakanmoentjang samasakali teu ngoeping tjariosan tjeuk sakaol rombakna teh nalika djoemenengna Kangdjeng Dalem Soeriawinata (Dalem Karoekoet Batawi) tjeuk sakaol deui nalika djoemenengna Kangdjeng Dalem Patrakoesoemah (Dalem Patoeakan Batawi) malah tjariosan sanes – sanes wargi mah rombakna teh nalika Kangdjeng Dalem Adiwidjaja.
Doepi noe ka tjarios kawit soenan Pager Barang poepoetrana soenan Demoeng Galoenggoeng poepoetra ki Samahita sakoemaha anoe parantos katjarios di loehoer KI SAMAHITA nalika djoemeneng OEMBOEL SINDANG KASIH parantos kenging gandjaran ti Kangdjeng Soeltan Mataram djalaran ngiring nangkep Dipati Oekoer di angkat Boepati. Bopeati PARAKANMOENTJANG digentos djenengan Kangdjeng Dalem WIRATANOEBAJA ka I soemare di Koetamaja (Soemedang) kagoengan poetra 2 :
1).Sembah Dalem Pranatjitra,
2).Sembah Dalem Bradjajoeda.
Wapat Kangdjeng Dalem Samahita (Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 1 digentos koe saderek nganggo djenengan Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 2 soemeren di Boedjil).
Wapat Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 2 digentos koe poetra ngangge djenengan Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 3 soemare di Karatjak Tasikmalaja, katjarios kagoengan poetra 11 :
1).Kangdjeng Dalem WIRATANOEBAJA 4,
2).Rd.Pranadikoesoemah,
3).Rd.Ngabei Pranadiredja,
4).Rd.Dipadjaja,
5).Rd.Karsawidjaja,
6).Rd.Soemawidjaja,
7).Rd.Ngabei Pranawidjaja,
8).Njai Rd.Mondia,
9).Njai Rd.Arang,
10).Njai Rd.Monda,
11).Sembah Dalem Pangoedar Tjinangka.
Wapat Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 3 (Dalem Karatjak) digentos koe poetra djenengan Kangdjeng Dalem WIRATANOEBAJA 4 soemare di Girilaja, kagoengan poetra 7 :
1).Kangdjeng Dalem WIRATANOEBAJA ka 5,
2).Rd.Ajoe kagarwa koe Kangdjeng Dalem Abdoelrachman (Dalem Gadjah),
3).Rd.Ajoe Rijanagara kagarwa koe Kangdjeng Dalem NAJAKOESOEMAH (Dalem PARAKANMOENTJANG),
4).Rd.Ajoe Adimantri kagarwa koe Kangdjeng Dalem Tjiamis,
5).Rd.Ajoe Gandawiresa kagarwa koe Kangdjeng Dalem Wiradadaha 6 (Dalem Tjidarak) BOEPATI SOEKAPOERA,
6).Dalem Djiwanagara,
7).Rd.Natanagara.
Wapat Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 4 Girilaja, digentos koe poetra noe djenengan Kandjeng Dalem WIRATANOEBAJA 5 soemare di Tjibodas, poetrana 10 : 1).Rd.Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja 6 (Dalem Patrakoesoemah), 2).Njie Rd.Radjanagara, 3).Njie Rd.Soemakraton, 4).Njie Rd.Karaton, 5).Njie Rd.Indranagara, 6).Njie Rd.Landra kagarwa koe Kangdjeng Dalem Soerapraja Boepati Limbangan, 7).Njie Rd.Radjakoesoemah, 8).Njie Rd.Natakaraton, 9).Njie Rd.Daton, 10).Rd.Pranawiredja.
Wapat Kangdjeng Dalem WIRATANOEBAJA 5 Tjibodas digentos koe mantoena njaeta tjarogena Njai Rd. Ajoe Rijanagara No.3 noe djenengan Kangdjeng Dalem Najakoesoemah (toeroenan kawit ti Kangdjeng Pangeran Geusan Oeloen Boepati Soemedang) poepoetra :
Kangdjeng Dalem ADIPATI NITINAGARA Boepati Pagaden, poepoetra Kangdjeng Dalem ADIPATI NAJAPOESPA Boepati Pagaden, poepoetra Kangdjeng Dalem NATADILAGA Boepati Pagaden, poepoetra Kangdjeng Dalem Najakoesoemah Boepati Parakanmoentjang, poepoetra :
1).Kangdjeng Dalem SOERIANATAKOESOEMAH (Dalem Leutik),
2).Rd.Anggawangsa,
3).Rd.Pranadiredja,
4).Rd.Rijakoesoemah,
5).Rd.Joedanagara,
6).Rd.Najadiredja I.
Wapatna Kangdjeng Dalem Najakoesoemah digentos koe poetrana noe djenengan Kangdjeng Dalem Soerianatakoesoemah (Dalem Leutik) noe poetrana aja 4 :
1).Rd.NAJADIREDJA (II),
2).Rd.Hadjan (Rd.Hasan),
3).Rd.Banon,
4).Njai Rd.Rijakoesoemah noe kagarwa koe Kangdjeng Dalem Soeriawinata (Dalem Kroekoet Batawi).
Ti wangkid ieu teu nguping tjarios noe ngagentosna Boepati noe katerang pribados noemoet galoer tjarios para sepoeh bae. Toeroenanana Kangdjeng Dalem Soerianata kawit ti Ratoe Maradjainten poepoetra Sangijang Wiroena poepoetra Batara Wisnoe poepoetra Ratoe Rawana poepoetra Praboe Kamboja poepoetra Praboe Djanggalawa, poepoetra Sangijang Djempol Poetih poepoetra Praboe Wastoe Agoeng poepoetra Praboe Panglimanan poepoetra Sadan.
Kariamangoenjasa soemare di Kotok  Beer poepoetra Dalem Panglimanan, poepoetra Rd. Ngabei Tjoetjoek hing Mataram poepoetra Dalem Satjanagara di Tjipakoe Madjalaja poepoetra Dalem Ngabei Toetjoek Tjimiri, poepoetra Njai Rd. Maradja poepoetra Rd. Anggadjibdja, poepoetra Kangdjeng Dalem Soeriawinata ngalap garwa ka Njai Rd. Adjoe Rijakoesoemah poetrana Kangdjeng Dalem Soerianatakoesoemah poepoetra :
1).Rd.Dipanagara,
2).Njai Rd.Maradjainten,
3).Njai Rd.Moelia,
4).Njai Rd.Indrakaraton,
5).Rd.Hadjan,
6).Njai Rd.Oedji,
7).Njie Rd.Rija,
8).Rd.Rangga Anggawiredja Wedana Madjalaja.
Katjarios Kangdjeng Dalem Patrakoesoemah (Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja) noe diseboet Dalem Patoeakan makamna di Patoeakan Batawi poepoetra :
1).Dalem Poeranagara,
2).Njai Rd.Radja,
3).Rd.Natadipradja di Tjidamar,
4).Rd.Anggakoesoemah,
5).Njai Rd.Radjamirah,
6).Rd.Patrakoesoemah,
7).Rd.Bradjakoesoemah,
8).Rd.Anggadiredja,
9).Rd. Wangsadikoesoemah,
10).Njai Rd.Ajoe Tjandranagara noe tjarogean ka Kangdjeng Pangeran Sepoeh Soemedang.


BAB IV
Toeroenan roendajan wargi ti Gadjah
Kawit ti Praboe Siliwangi poepoetra Sangijang Sampora, poepoetra Rd. Soeriadarma poepoetra Kangdjeng Dalem Sangkadipati, poepoetra Kangdjeng Dalem Anggajoeda poepoetra Kangdjeng Dalem Abdoerahman noe ngalap garwa ka Njai Rd. Ajoe poetra Kangdjeng Dalem Wiratanoebaja ka 4 Girilaja, poepoetra Kangdjeng Dalem Pranadita poepoetra Rd. Achmad Patih Parakanmoentjang poepoetra Rd. Soeria poepoetra Rd. ARDJAMOEHAMAD PATIH PARAKANMOENTJANG ngalap garwa ka Njai Rd. GENTJLANG poetrana Rd. NADJADIREDJADJADI poetrana Kangdjeng Dalem Soerianatakoesoemah (Dalem Leutik) poetrana 12 :
1).Njai Rd.Moerti kagarwa koe Rd.Djajoeda,
2).Njai Rd.Natakaraton,
3).Njai Rd.Komara,
4).Rd.Djibdja,
5).Rd.Wiredja (Rd.Hadji Hasan Daoed, Wedana Soetji Garoet),
6).Njai Rd.Moelia,
7).Rd.NAJADIREDJA committeer Garoet,
8).Rd.Parandita,
9).Rd.Hadji Saleh Tjiboeraleng,
10).Njai Rd.Moldjoem,
11).Njai Rd.Embar di Balong,
12).Njai Rd.Rasmoen.
Poetra Rd. Ardjamoehamad djenengan Njai Rd. Moerti No.1 kagarwa koe Rd.Djajoeda poepoetra Njai Rd. Moerdijah di Balong. Doepi Rd. Djajoeda ngawajoeh ka Njai Rd. Modjang Bandoeng, poepoetra :
1).Rd. Hadji Moehamad Hanapijah Wadana Tjikoeroetoeg,
2).Njai Rd. Moga.
Ijeu tjatetan roendajannana ti para Kangdjeng Boepati Soekapoera, Parakanmoentjang nembe diserat doegi ka poetra poetoena bae, oepami hojong tingali ladjengna doegi ka poetoe boejoet baona bade diladjengkeun dina jilid ka 2.
Salam miwah hormatna
poen
Joedawikarta

*Diketik ulang saluyu sareng aslina ku pun :
Moch. Tata Kartaatmadja 
*Disarungsum ku pun :
Kendy Ferdian Soeradimadja 


——————————————————————————————————————————————
RINGKASAN SILSILAH SOEKAPOERA
SILSILAH DALEM SAWIDAK SOEKAPOERA                                                                                             
(NAMA LAIN DARI SUKAPURA ADALAH TASIKMALAYA PADA TAHUN 1913) 
KELUARGA SOERADIMADJA 
SILSILAH DALEM SAWIDAK SOEKAPOERA
(NAMA LAIN DARI SUKAPURA ADALAH TASIKMALAYA PENGGANTIAN NAMA DILAKUKAN PADA TAHUN 1913)Bismillahhirohmannirrohimm…
Subhannalooh
Puji syukur kehadirat Allah SWT Berikut ini adalah silsilah keturunan dari Mama Oneng Soeradimadja 1907–1975 dimakamkan di Cieunteung Tasikmalaya Jawa Barat Indonesia. ………………………………………………………….
NABI BESAR / RASULULLAH MUHAMMAD SAW:
Sayyidah Fatimah Az-Zahra istri Imam Ali bin Abu Thalib (Khalifah IV)
Al Imam Sayyidina Hussain
(Qudassalohhu Surruhhu)
Sayyidina Ali Zainal Abidin
Sayyidina Muhammad Al-Baqir
Sayyidina Ja’far Ash-Sodiq
Sayyidina Al Imam Ali Uradihi
Sayyidina Muhammad An-Naqib
Sayyidina Isa Naqib Ar – Rumi
Sayyidina Ahmad Al-Muhajir
Sayyidina Al-Imam Ubaidilah
Sayyidina Alawi Awwal
Sayyidina Muh Sohibus Saumiah
Sayyidina Alawi Ats-Tsami
Sayyidina Ali Kholi Qosim
Sayyidina Muh Sohib Mirbath
Sayyidina Alawi Amril Faqih
Syech Yusuf Al- Mukrowi
Syech Abdul Wahhab
Syech Muh Akbar Al-Ansari
Syech Abdul Muchyi Al Khayari
Syech Khaliqul Al Idrus
Rd Muhammad Yunus (Wong Agung Jepara)
Sultan Demak II
Rd Abdul Qodir BinYunus / Pati Unus
(P Sabrang Lor)
Pangeran Yunus III
(Rd Abdulah Bin Pati Unus/Pangeran Arya Jepara)
Rd Suryadiwangsa I (Rd Suryaningrat)
Bupati Sumedang I:
Rd Aria Suryadiwangsa II
/Rangga Gempol I/ Kusumahdinata III
RA Sudarsah istri Pangeran Kusumadiningrat
(Tuan Dago Jawa)
Raden Wiraha
Bupati Sukapura I:
Rd Ngabehi Wirawangsa / Rd Tumenggung Wiradadaha I
Bupaati Sukapura II :
Dalem Tambela
Bupati Sukapura III:
Rd Anggadipa/Rd Tumenggung Wiradadaha III (Dalem Sawidak)
Bupati Sukapura IV:
Dalem Abdul
Bupati Sukapura V:
Rd Secapati / Rd Tumenggung Wiradadaha V
(Dalem Srilangka)
Bupati Sukapura VI:
Rd Djaya Anggadiredja / Rd Tumenggung Wiradadaha VI (Dalem Ciwarak)
Bupati Sukapura VII:
Rd Djayamanggala II / Rd Tumenggung Wiradadaha VII (Dalem Pasir Tando)
Bupati Sukapura IX:
Rd Tumenggung Tanuwangsa
(Dalem Danuningrat)
Bupati Sukapura XI:
Rd Tumenggung Wiraadegdana (Dalem Bogor)
Bupati Sukapura XIII:
Rd Tumenggung Prawirahadiningrat/DalemDaria
Bupati Sukapura XIV/ Bupati Tasikmalaya XIV :
Rd Tumenggung Wiratanuningrat (Aom Sholeh)
Bupati Tasikmalaya XV
Bupati Tasikmalaya XVI
Bupati Tasikmalaya XVII
Uyut/Nenek :
Rd Nyimas Djar’ah turunan Rd Tumenggung Wiratanuningrat tersebut diatas, menikah dengan Marhasan (turunan Rd Djayamerta + Nyimas Timong dari Galuh) mempunyai anak sbb :
1. Mardjoek : (Aki Adjoek)
2. Sumartadimadja : (Uwa/Aki Tata)
3. Soeradimadja : (Mama Soera/Bani Soeradimadja)
4. Itjih Sukarsih : (Bi Icih)
5. Soedja’i : (Mang Dja’i)
6. Soekarsah : (meninggal di Mekah)
7. Hj Fatonah : (dari perkawinan Rd Nyimas Djar’ah dengan Amar dari keturunan H. Djuanda setelah Marhasan wafat, tinggal di Cieunteung Tsm)


Uyut Djar'ah Tsm
Uyut Djar’ah Tsm


Sumartaatmadja
Soemartaatmadja



Soedjai dan ITjih
Mardjoek dan Soekarsih

Mardjuk
Soedjai

Rd Djayamerta + Nyimas Timong (dari Galuh) mempunyai anak sbb :
1.Rd Madrais
2.Rd Marhasan
3.Rd Martisah
4.Rd Madhasan
5.Rd Komariah
Kesemua anaknya tinggal dan beralamat di jl. Cihideungbalong, Kota Tasikmalaya
Makam:
a. Uyut Rd Marhasan dan Eyang Rd Djayamerta (serta anak-anaknya yang lain) dimakamkan di jl Cihideung Balong di Gg. Martisah / Gg. SDI, depan mesjid & di depan rumahnya Bibi / Uwa: Yoyoh / Neneng (Hj Engkom Komariah), Kota Tasimalaya.
b.Sedangkan Uyut Rd Nyimas Djar’ah & Kakek / Mama Soeradimadja, dimakamkan di Cieunteung Tasikmalaya.
Uyut Rd Nyi Mas Djar’ah menikah keduakalinya dengan Amar (setelah Rd Marhasan meninggal), keturunan dari Ir H Djuanda dan ikut merawat pemakaman Cieunteng (dulu disebut Babakan Sumedang), maka beliau di makamkan di areal pemakaman Cieunteung Kota Tasikmalaya.

Soeradimadja - Mama Soera
Soeradimadja – Mama Soera
Putra putri dari Keluarga Besar Soeradimadja bin Rd Marhasan bin Rd Jayamerta, (Cihideung Balong Tasikmalaya) menikah dengan Hj Siti Rohmah binti Wiraatmadja (Uyut Modin) binti Yuda Santana binti Yoeda Sastra (Kp. Suci, Garut), Sukahaji Majalengka:
1.Kosim (alm)
2.Ramli (Drs. Moh. Ramly [alm], Depen, Jakarta)
3.Sambas (Sambas Raiman [alm], Brigif, Cianjur)
4.Komariah (Hj. E Komariah, Dikbud, Tasikmalaya)
5.Ade Sabariah (Hj. Ade Tutty Sabariah, Dikbud Bdg, Cimahi)
6.Supartini (meninggal usia 1 bln di pengungsian Lewo, Situ Gede Tasikmalaya)
7.Sobari (Sobari Soeradimadja, BUMN Perumnas, Majalengka)
8.Bay Subarna (Bay Subarna Soeradimadja [alm], Pertamina, Jakarta)
Putra putri dari Hj. Ade Tutty Sabariah dengan H. Sukarli Daryo bin H. Daryo (H. Dambali bin H. Abdul Gani, Paseh Tasikmalaya) :
1. Kendy Ferdian (Bandung)
2. Dery Daryaman (Kuningan)
3. Tresna Rahayu, almh (Bandung)
4. Rahadian, alm (Cimahi)
Tresna Rahayu
Tresna Rahayu




Ayu Dangdeur
Makam Keluarga, Dangdeur, Paseh, Tasikmalaya



Ayu Tsm
Tresna Rahayu bin H Sukarli Daryo



Ayu
Tesna Rahayu bin Sukarli Daryo Gani dan Farida bin H Ma’mun Abdul Gani (bi’empid)
Data-data diperoleh dari :
1. Yudhi S Suradimadja, Dirjen Pajak, Jakarta
Kakeknya Rd Amir Suradimadja adalah saudara sepupu Dalem Bintang Sukapura, dimakamkan di komplek makam para Bupati Sukapura Manonjaya dan Ayahnya dimakamkan di Cibalong, Sukaraja, Tasikmalaya. 
2. Bay Subarna Soeradimadja alm, Pertamina, Jakarta
3. Kendy Ferdian Noor Abdul Gani Soeradimadja, Bandung 
4. Arsip/dokumentasi Keluarga