Titimangsa

Titimangsa
Mendidik | Cerdas | Inovativ

Saturday, 30 September 2017

Pakubuwono X di garut dan seluruh tokoh dunia



Mooi Garoet


Moal aya nu kiwari mun euweuh nu bihari” kitu kira-kira cek babasan mah, moal aya anu ayeuna mun euweuh nu baheula. Mooi Garoet (Garut Éndah)

Nyoréang Alam Ka Tukang
Dumasar kana kawijaksanaan Raffles anu ngaluarkeun putusan 16 Pebruari 1813 yén Kabupatén Limbangan diadegkeun deui, nu jadi bupatina Radén Tumenggung Adiwijaya (Abdul) –asalna mah jadi bupati Parakanmuncang. Puseur dayeuhna Suci. Distrik anu asup ka wewengkon Kabupaten Limbangan : Wanakerta; Wanaraja; Suci; jeung Panémbong. Sedengkeun Distrik Limbangan diasupkeun ka kabupatén Bandung jeung ganti ngaran jadi Balubur Limbangan. Rd. Adipati Adiwijaya (tedak ménak Sumedang; putrana Pangéran Kornél) maksakeun néangan deui tempat anu leuwih merenah. Panitia pikeun néangan tempat téh manggihan tempat di daérah Cimurah anu padatarana lega ngan hanjakal hésé cai (lembur Pidayeuheun), tuluy néangan ka kuloneun Suci manggihan padataran lega tur pamandangana éndah dipager ku gunung-gunung.
Wewengkon anu engkéna dingaranan Garut, ngabogaan pamandangan anu éndah dikuriling ku gunung-gunung : Gunung Srimanganti (Cikuray); Gunung Kutu (Guntur); Gunung Papandayan; Gunung Talagabodas: jeung Gunung Cakrabuana.
Gunung Papandayan bitu rongkah ping 11 – 12 Agustus 1771 anu ngalantarankeun ancurna sabagéan awak gunung nepi ka ngabentuk kawah tapal kuda. Aktif deui ping 11 Maret 1923 jeung 9 Maret 1925, waktu kawah Papandayan (kawah Emas) ngagolak. Sanggeus istirahat panjang, gunung Papandayan bitu deui 11 November 2002.
Dina taun 1800 nepi ka 1847, gunung Guntur kungsi bitu 21 kali. Ti mimiti taun 1847 éta gunung Guntur geus teu bitu deui, kaayaan kitu téh ngabalukarkeun perkembangan kota Garut jadi ngaronjat –utamana dina wisata. Kusabab kahirupan wisata beuki mekar, ieu kota nampa landian Mooi Garoet (Garut Éndah) –buku wisata The Garoet Express and Tourist 1922 : “Garoet the Hill Town of the Future”.
Ku urang Éropa, Garut kawentar jadi kota pelancong anu nawarkeun kaéndahan alam nu béda jeung kota wisata lainna. Énsiklopedia Hindia Walanda taun 1917, nyebutkeun :Garut sebagai salah satu tempat yang terindah di Jawa dengan iklim nyaman dan lingkungan yang sangat digemari oleh orang-orang Batavia (Jakarta).
ti kiwa ka tengen : Chaplin jeung Mary Pickford, Chaplin mun keur manggung, Chaplin jeung Paulette Goddard
Charlie Chaplin –béntang komedian Hollywood Amerika Serikat, geus 2 kali liburan ka Garut mangsa taun 1927 jeung 1935. Stasion Cibatu Garut, jadi sajarah kadatangan béntang anu kawentar ku kumis anu ngan sauted. Munggaran datang dibaturan ku Mary Pickford –artis Kanada anu meunang Piala Oscar, nu kadua kali na mah jeung geureuhana kuanjeun Paulette Goddard –dina kadatangan anu mindo ieu, Charlie Chaplin méré jujuluk ka Kota Garut “Switzerland van Java”. 
PM Georges Clemenceau




Lain ku bentang Hollywood wungkul, stasion Cibatu Garut pernah katincakna téh. Georges Clemenceau –Perdana Menteri Perancis- ogé kungsi ka Garut dina taun 1920-an. 






Gubjen Dirk Fock waktos di Hotel Ngamplang sareng lalayaran di Situ Bagendit.
Ti kawit persiapan kanggo nyambut kasumpingan Dirk Fock, dugi ka anjeunna ngarongheap ka Garut
Seremonial (Upacara Penyambutan) kasumpingan Dirk Fock di Garut
Inohong Walanda ngiringkeun Dirk Fock, teu kantun ku pintonan adu domba has Garut
Bilih Dirk Fock hoyong amengan ngitung lembur milangan kori, teu hariwang da tos disayogikeun alat transportasi kuda.
Gubernur Jendral Dirk Fock nuju curak-curak sukan-sukan di Bagendit Banyuresmi Garut.
Teu kantun Gubernur Jendral Hindia Walanda Dirk Fock, ngersakeun sumping ka Garut dina ping 18 dugi 20 September 1921.

Princes Astrid & King Leopold III





Kitu deui Raja Leopold III ti Belgia sareng garwana Putri Astrid, datang ka Garut dina taun 1928. 






Renate Muller (palih kiwa), Hans Albers (palih tengen)
Inohong lainna nu datang ka Garut, nyaeta : Renate Muller  jeung Hans Albers –dua-duana panyanyi ti Jerman. 




Pakubuwono X sareng bojo (poto kiwa), PB X di tengah diapit ku Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa caket tihang kiwa (poto tengah), Pakubuwono X (poto tengen)
Susuhunan Pakubuwono X ti Surakarta oge kantos sumping ka Garut taun 1936 sareng nginep di Hotel Papandayan. Teu kantun dina taun 1946, kareta luar biasa Presiden Soekarno miwah Wakil Presiden Mohammad Hatta oge transit heula di stasion Cibatu mangsa nganteurkeun aranjeunna ka Garut –direncangan ku ibu Fatmawati Soekarno sareng ibu Rachmi Hatta.
Malihan Ratu Walanda –Wilhelmina- ogé, apanan gaduh peristirahatan khusus di wewengkon Palalangon Lélés Garut.
Hotel Ngamplang ti payun (poto luhur), ti pengker (poto handap)








Unggal poé di stasion Cibatu, diparkir losinan limousine jeung taksi milik hotél-hotél di Garut. Diantarana baé : Hotél Papandayan, Villa Dolce, Hotél Belvedere, Hotél Van Hengel, Hotél Bagendit, Villa Pauline, jeung Hotél Grand Ngamplang.







Cipanas Tarogong




Taun 1927 Bupati Garut RAA Suria Kartalegawa, ngaresmikeun pamandian cai panas di Cipanas Tarogong. Pamandian Cipanas Garut tug ka kiwari pada ngadeugdeug ku balaréa lantaran dipercaya bisa nyageurkeun sanéskanten panyakit kulit.





Tuan Walanda keur ngaroris perkebunan.
Lian ti éta, Garut ogé kasohor jadi kota perkebunan –utamana : entéh; karét; jeung kina. Perkebunan anu dikokolakeun ku para pangusaha swasta Walanda lolobana di wewengkon : Giriawas; Cisaruni; Cikajang; Papandayan; jeung Darajat.
Tangkal entéh (camellia sinensis) asalna ti Tiongkok, Cina. Mimiti asup ka nusantara taun 1648 (1684?) mangrupa siki entéh ti Jepang anu dibawa ku Andreas Cleyer urang Jerman –dipelak jadi tanaman hias di wewengkonTijgersgracht (elite) Batavia. Taun 1694 perdu entéh ngora ti Cina, mekar di Taman Istana Gubernur Jendral Champhuys di Batavia. Taun 1728 Vereenigde Oost-indische Compagnie(VOC) mawa siki entéh jeung buruh Cina ka pulo Jawa. Taun 1824 entéh dipelak di Sland Plantentium te Buitenzorg (Kebun Raya Bogor) anu satuluyna taun 1826 dikembangkeun di sabudeureun Buitenzorg (Bogor). Taun 1827 entéh dipelak di Garut-afdeling Limbangan, saterusna dina taun 1829 dikembangkeun di Cisurupan (Garut) jeung Wanayasa (Purwakarta). Entéh ti pulo Jawa mimiti diiangkeun jeung ka tarima di Amsterdam dina taun 1835. Mekarna perkembangan entéh di tatar Sunda, teu leupas tina peran The Jonkers van Preanger nyaeta para “Pangeran Enteh Priangan” atawa “Preanger Planter” ti kawit taun 1840-an. Para pangusaha entéh asal Walanda éta, nya éta : Guillaume Louis Jacques van der Hucht di Parakan Salak Sukabumi (1844); jeung Karel Frederick Holle di Perkebunan Waspada Garut (1865). Tumuwuhna perkebunan entéh di pulo Jawa, beuki tambah mekar waktu taun 1877 dikenalkeun jenis entéh Assam ti India jeung Ceylon (Srilanka) anu dipelak ku R.E. Kerkhoven di Kebon Gambung Jawa Barat. Asupna entéh Assam, lila-lila ngaganti entéh Cina –komo sanggeus dikenalkeun di Bumi Parahyangan ku urang Walanda mah.
Keur wewengkon Garut, Pamaréntah Walanda méré kahormatan ka KF Holle kana yasa-yasana ku jalan nyieun patungna di alun-alun jeung ngajadikeun ngaran jalan di Garut –Jalan Holle/Mandalagiri.
Tukang ngasaan enteh di Waspada Cikajang
Ngaramu campuran entéh nu nikmat, henteu bisa sagawayah jeung lain pagawéan anu gampang. Kulantaran hasil entéh keur iangkeuneun ka Éropa, atuh méméh diiangkeun téh kudu diasaan heula ku urang Eropa. Tiap-tiap perkebunan entéh di Garut, ngabogaan tukang ngasaanti bangsa Eropa.
Biasana si bulé nyicikeun ci entéh tina téko kana cangkir terus diasaan, ci entéh nu geus diasaan diutahkeun deui kana cangkir. Keur nganétralkeun deui biwir atawa létah tina rasa entéh anu bieu diasaan, si bulé kudu udud. Geus kitu kakara si bulé ngasaan deui entéh-entéh nu lainna saperti tadi.
Para pagawe di perkebunan karet Bunisari-Lendra Cisompet Garut, onderneming van Pirelli taun 1925

Dalem Bintang
Walungan Cimanuk, paranti Dalem Bintang munday.

Disagédéngeun pamandangan alamna nu éndah, Garut ogé nawarkeun wisata moro binatang,  ka palancongna. Dugi ka taun 1920, di sabudeureun Garut masih kénéh loba binatang buruan kaya-kayaning : macan coréléng; macan kumbang; badak; bagong; anjing leuweung; japati liar; uncal; tug nepi ka buaya. Promosi ngeunaan hewan buruan di Garut, loba dipublikasikeun ku The Garoet Express and Tourist Guide Geillustreerd Weekblad edisi 2 Februari 1923.


Moro maung di Garut taun 1920
Moro binatang téh ti mangkuk Dalem Bintang (RAA Wiratanudatar VIII) kénéh ogé geus dilakonan, malahan kagiatan anjeunna diantarana :
1.    Di basisir kidul aya leuweung larangan (moal salah, leuweung Sancang téa) paranti Dalem bubujeng uncal jeung bagong. Tara kurang ti 2 uncal, biasana mah dibagikeun ka paburu-paburuna.
2.    Aya Cimanuk larangan paranti Dalem munday, heurapna damelan Dalem kuanjeun. Beunteur; lélé; bogo; beureum panon; jeung jongjolang anu dialana.
3.    Pasir Tujuhpuluh di wewengkon Cikajang sok dipaké bubujeng uncal ku Dalem bari nganggo panganggo beureum, kaos panjang, bedil jeung landepan anu tungtungna inten.
4.    Kuda Dalem leuwih ti 40, mun ngadu kuda aya kana 5 atawa 7 kuda anu dibalapkeun. Raména iring-iringan; angklung jeung badud, upama kuda Dalem meunang.
Mun lebaran, ti suklakna ti siklukna urang padésaan kumpul di alun-alun. Pukul 5 Subuh, Dalem angkat ka masjid dipapag ku haji-haji. Waktu mulihna, mariem diseunget, gamelan ditabeuh, istri-istri priyayi marunjungan. Tidinya, Dalem gentos panganggo, pukul 9 tunggang karéta ka kaasisténan nyarioskeun hal lebaran, pukul 11 beurang résépsi di kabupaten.
Di alun-alun salawasna aya raraméan ngadukeun maung jeung munding, kolong babancong disarigsig beusi paranti nunda maung mun rék diadukeun.
Ngadu domba di alun-alun Garut.

Ngadu domba jeung ngadu bagong mah geus teu kacaturkeun (matak nepi kaayeuna, domba Garut mah sohor minangka domba aduan).
Ti peuting diayakeun nayuban nepi ka jam 8 beurang.
Katompérnakeun, Dalem meunang 7 taun teu damang. Kungsi damang deui lantaran mindeng ngebak di laut (singhoreng cai laut kidul tiasa janten landong nyéhatkeun awak).
Waktu pagebug koléra di basisir Kidul (Desember 1909), beurang peuting Dalem tunggang karéta atawa kuda ngawurukan rahayat anu rék kalabur kajauhna –sangkan ulah tulus kaburna. Kana yasana dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, pamaréntah Hindia Walanda ngalangkungan gupernemen, maparin nugraha Bintang Officier in de Orde van Oranje Nassau jeung Bintang Emas. Ku kituna, bupati Garut RAA Wiratanudatar VIII nelahDalem Bintang.

Wisata Kuliner
Malahan kanggo urusan kadaharan atawa “wisata kuliner” pikeun ngogo wisatawan anu datang ka Garut, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekbladnyantumkeun kosa-kata jeung kalimat-kalimat paréntah praktis ngeunaan kuliner dina basa Inggris; Walanda; katut basa Malayu anu bisa digunakeun ku wisatawan.
Ieu contona :
Boy bring me a Menu, a winelist, icewater, sodawater, whiskey and soda’ (Inggris)
Jongen breng een menu, wijnlist, ijswater, sodawater whisky soda’ (Belanda)
Djongos kassi kartoe makan, kartoe minoeman, aijer ijs, aijer blanda’ (Melayu)
Hurry up fetch ice’ (Inggris)
Haas[t] je haal ijs’ (Belanda)
Lekas ambil ijs (aijer batoe)’ (Melayu)
Atanapi  kosa kata anu aya patalina jeung aktivitas kuliner, peralatan, katut menu seperti:
To boil (Inggris); ko[o]ken (Belanda); masak (Melayu)
To drink (Inggris); drinken (Belanda); minoem (Melayu)
To eat (Inggris); eten (Belanda); makan (Melayu)
To fry (Inggris); bakken/braden (Belanda); goreng (Melayu)
To mix (Inggris); mengen (Belanda); tjampoer (Melayu)
Clean plate (Inggris); schoon bord (Belanda); piring bresi (Melayu)
A knife (Inggris); mes (Belanda); piso (Melayu)
Cold water (Inggris); koud water (Belanda); aijer dingin (Melayu)
Soft boilled eggs (Inggris); zacht gekookte eieren (Belanda); telor stengah mateng(Melayu)
Hard boilled eggs (Inggris); harde eieren (Belanda); telor kras (Melayu)
Bacon and eggs (Inggris); spek met eieren (Belanda); mata sampi sama sepek (Melayu)

Ngantos si Gombar di halteu Cinunuk Wanaraja
Mangsa 1920 nepi ka 1940, pangwangunan kota Garut beuki pesat. Saniskara fasilitas kota mimiti diwangun, saperti : stasion karéta api; kantor pos; apoték; sakola; hotel; oge pertokoan anu dikawasa ku urang Cina, Eropa, Jepang, jeung urang India.
Jaringan karéta api mimiti efektif di pulo Jawa dina ping 1 Oktober 1927, tapi éta ogé masih terbatas rute-na :
o  Batavia (Jakarta) – Buitenzorg (Bogor), 4 kali sapoé.
o  Batavia – Bandung, 4 kali sapoé.
o  Batavia – Garut, 2 kali sapoé.
o  Batavia – Yogyakarta, sakali sapoé.
o  Batavia – Semarang (via Cirebon), sakali sapoé.
Rute ka Garut leuwih remen, ngéléhkeun ka Yogyakarta jeung ka Semarang.
Lian ti éta, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekblad nawarkeun paket tour maké taksi borongan :
o  2 days tour to Bandung.
o  3 days tour to Garut.
o  6 days tour to Yogyakarta.
o  10 days tour to Surabaya.


Halteu Lebakjero Garut.
Ti mangsa Walanda kénéh, geus loba model jasa anu disadiakeun ku badan/organisasi pariwisata swasta keur ngembangkeun wisata daérah, saperti :
- Tourist Association Garoet, didirikeun taun 1923
- Tourist Association Magelang, didirikeun taun 1926
- Bandung Vooruit, didirikeun taun 1926
There was an error in this gadget

AddThis

Bookmark and Share

Facebook Comment

Info Archive

Sultan Sepuh XIV Pangeran Raja Arief Natadiningrat :

"Kami berharap, negara ini tidak melupakan sejarah. Dulu sebelum kemerdekaan Bung Karno meminta dukungan keraton untuk bisa membuat NKRI terwujud, karena saat itu tak ada dana untuk mendirikan negara. Saat itu keraton-keraton menyerahkan harta yang mereka punya untuk kemerdekaan negara ini,"

http://nasional.kompas.com/read/2010/12/05/1725383/Para.Sultan.Dukung.Keistimewaan.Yogya

THE FSKN STATMENT IN SULTANATE OF BANJAR : SESUNGGUHNYA KETIKA RAJA - RAJA MEMBUAT KOMITMENT DGN BUNG KARNO DALAM MENDIRIKAN REPUBLIK INI , SEMUA KERAJAAN YG MENYERAHKAN KEDAULATAN DAN KEKAYAAN HARTA TANAHNYA , DIJANJIKAN MENJADI DAERAH ISTIMEWA. NAMUN PADA KENYATAANNYA ...HANYA
YOGYAKARTA YG DI PROSES SEBAGAI DAERAH ISTIMEWA ... AKANKAH AKAN MELEBAR SEPERTI KETIKA DI JANJIKAN ... HANYA TUHAN YG MAHA TAU. ( Sekjen - FSKN ) By: Kanjeng Pangeran Haryo Kusumodiningrat

http://www.facebook.com/photo.php?fbid=177026175660364&set=a.105902269439422.11074.100000589496907